Kautamaan Puasa Jeung Bulan
Romadhon (keutamaan puasa dan keutamaan belan ramadhan Bahasa Sunda) Marhaban Yaa Ramadhan Marhaban Yaa Syahru Syiam'
“Yeuh jalma-jalma anu ariman ! ka maraneh geus diwajibkeun puasa cara anu
geus diwajibkeun ka jalma-jalma anu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi
jalma-jalma anu taraqwa, (nyaeta) sabaraha poe anu geus ditangtukeun; tapi sing
saha tiantara maraneh anu gering atawa keur aya di panyabaan, (maka) wajib
(pikeun maranehna) nyumponan puasa sababaraha poe (anu geus ditinggalkeunana)
dina poe sejenna; jeung pikeun jalma-jalma anu kuat puasa tapi kalawan ripuh,
(lamun henteu puasa maka) diwajibkeun (ka manehna pikeun) mayar fidyah, nyaeta
mere dahar hiji jalma miskin (saban poena), tapi sing saha anu rek mere leuwih
ti sakitumah (kaasup sunah), tanwande eta kahadean teh pikeun dirina. Jeung ari
puasa teh leuwih hade pikeun maraneh, upama maraneh nyarahomah. (Nyaeta)
sabulan Romadhon anu dina eta bulan teh (munggaran) diturunkeunana Al-Qur’an,
anu jadi pituduh pikeun manusa jeung jadi pituduh jalan (oge) anu ngabedakeun
(antara anu haq jeung anu batal). Ku sabab eta, sing saha ti antara maraneh anu
ningali bulan, (maka) prak geura puasa, tapi sing saha anu gering atawa anu
keur aya di panyabaan, (maka) wajib (pikeun manehna) nyumponan puasa sababaraha
poe (anu ditinggalkeunana) dina poe sejenna, sabab Allah seja ngentengkeun maraneh
jeung moal ngabeungbeuratan. Jeung maraneh kudu nyampurnakeun bilanganana,
sarta kudu ngagungkeun Allah, nurutkrun pituduh Anjeun-Na ka maraneh, jeung
sangkan maraneh muji syukur ka Anjeun-Na” (Al-Baqarah: 183 -185)
Puasa (Shaum) miturut bahasa mibanda harti “Nahan tina sagala perkara”
saperti dahar, nginum, nahan hawa nafsu, nahan omongan nu taya manfa’atna jeung
sajabana eta.
Sedengkeun muturut Syar’i-mah puasa teh nyaeta “Nahan diri tina sagala
perkara (dahar, nginum, nahan hawa nafsu, nahan omongan nu taya manfa’atna
jeung sajabana eta.) jeung nu ngabatalkeunana, salila sapoe ti mimiti bijilna
fajar nepi ka surufna panon poe, kalayan niat jeung sababaraha katangtuan
syarat nu kudu dicumponan”
Romadhon teh kaasup bulan nu dimulyakeun ku Alloh swt. Sabab dina bulan ieu
ditetepkeun hiji kawajiban nu kudu dilaksanakeun ku Umat Islam nyaeta puasa.
Kautamaan bulan Romadhon geus diuningakeun ku mangpirang-pirang ayat Al-Qur’an,
Hadits oge ‘Atsar para Shohabat ra. Diantawisna nu dicutat dina kitab Zubdatul
Wa’idin, aya katerangan Hadits Nabi Muhammad saw. Nu ngauningakeun ngeunaan
kautamaan bulan Romadhon:
”Ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios: Kami Ngadenge Rasulullah saw.
Ngadawuh: Lamun sakirana umat Kami apal (nyaho) kana naon-naon (kautamaan) di
jero bulan Romadhon, maka (pasti) maranehna bakal mikaharep sangkan
(bulan-bulan) nu aya dina satahun teh kebah jadi bulan Romadhon, sabab sagala
kahadean ngumpul dina bulan Romadhon, kata’atan bakal ditarima, sagala do’a
diqobul (diijabah), jeung sawerga mikasono ka maranehna (jalma nu paruasa dina
bulan Romadhon).
Malihan dina katerangan nu sanes diuningakeun, yen Kanjeng Nabi saw.
Ngadawuh:
”Nalika dina awal peuting bulan Romadhon, Allah swt. Ngadawuh: ”Sing saha
jalma ni mikacinta ka Kami (Allah) maka kami bakal mikacinta ka manehna, sing
saha jalma nu neangan (ngadeukeutkeun diri ka) Kami (Allah) maka kami bakal
neangan (ngadeukeutan ka) manehna, sing saha nu menta hampura Kami, maka Kami
bakal ngahampura manehna. Ieu kabeh teh sabab ku kamulyaan bulan Romadhon”.
Tuluy Allah swt marentahkeun ka Malaikat Kirooman Kaatibiin (nu tugasna
nyatetan amal manusa) sangkan di bulan Romadhon maranehna (Malaikat Kirooman
Kaatibiin) wungkul nyatet sagala kahadean, jeung ulah nyatet amal kagorengan,
jeung Alloh ngagugurkeun dosa- dosa (manusa nu puasa dina bulan romadhon) nu
geus kalewat”.
Kautamaan sanesna Rasulullah saw. Ngauningakeun ku dawuhanana:
”Umat kami geus dipaparinan lima perkara (ku Allah swt.) nu can pernah
dipaparinkeun ka umat samemehna, nyaeta:1) nalika awal peuting dina bulan
Romadhon, maka Allah swt ningali ka maranehna (umat kami) kalayan pinuh ku rasa
heman, jeung sing saha jalma nu ditingali ku Allah swt. kalayan pinuh ku
kaheman, maka hamo disiksa salilana; 2) Allah swt. marentahkeun ka para malaikat
supaya mentakeun hampura ka maranehna (umat kami); 3) bau bahamna jalma nu
puasa mungguh Allah swt. Leuwih seungit batan minyak misik; 4) Allah swt
ngadawuh ka Sawerga: ”papaes diri anjeun (heh sawerga kami) !”, oge Allah swt
ngadawuh: ”untung pikeun hamba-hamba Kami nu ariman, maranehna jadi kakasih
Kami”, jeung 5) Allah swt maparin hampura ka maranehna (umat kami) sakabehna”
Urang tos pada uninga, yen puasa teh salah sahiji ibadah nu teu bisa diukur
sacara lahiriyah, tapi diukurna sacara bathiniyah. Ku kituna, wungkul Allah
swt. nu nganilei oge nu ngukur kana ieu ibadah. Sabab, puasa teh hiji tingkah
ibadah nu ngahubungkeun hiji hamba ka Pangeranna nyatana Alloh swt. Ku sabab
kitu pisan, puasa teh hiji ibadah jeung kataatan nu wungkul Allah swt nyalira
ku anjeun nu ngukur, nganilei oge ngawalesna. Sakumaha dawuhana dina Hadits
Qudsy:
”Tiap-tiap kahadean nu dipilampah ku anak adam, maka ganjaranana
dilipetgandakeun tina sapuluh nepi ka tujuh ratus kali lipet, kajaba puasa,
sabab puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna”.
Kalimat: ”maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” ngandung maksud, yen
tiap-tiap kataatan/ibadah ganjaranana surga, tapi ngeunaan ganjaran puasa mah
nyaeta patepung sareng Manten-Na Dzat Allah Nu Maha Agung. Sakumaha dawuhan
Kanjeng Nabi saw.:
”Dua kabungah/kabagjaan nu bakal kahontal pikeun jalma nu puasa, nu kahiji
nyaeta kabungah/kabagjaan nalika buka puasa jeung nu kadua kabungah/kabagjaan
nalika patepung reujeung Pangeran-na (Allah swt.)”.
Patepung didieu, sapalih katerangan nyebatkeun: ”Kami ningali manehna,
manehna ningali ka Kami, Kami Nyarita ka manehna, manehna nyarita ka Kami,
tanpa aya palantara”” tegesna ”Adu hareupan”.
Para ulama maparin tafsiran kana kalimat (puasa teh pikeun Kami (Allah),
maka kami sorangan nu bakal ngawalesna).Sapalih ulama aya nu nafsirkeun, yen
dina puasa hamo kaeunteupan riya’ teu jiga ibadah-ibadah sejenna, sabab puasa
ibadah bathiniyah nu ngamuara kana
Niat nu nyangkaruk dina hate, nu hamo bisa
ditembongkeun ka nu lian.
Aya deu sapalih ulama nafsirkeun, yen nu dimaksud puasa teh pikeun Kami
(Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” teh nyaeta nu apal kana kadar
ukuran ganjaran ibadah puasa anging Allah swt. Sedengkeun ibadah-ibadah nu
sejenna mah ayakalana bis diukur ku jalma nu ngalaksanakeunana, boh ngaliwatan
katerangan jeung katangtuan syar’i, oge bisa diuku ku pribadina ngaliwatan
hikmah saba’dana ngalaksanakeun eta ibadah
Tina sadaya pamadegan para Ulama dina nganafsikeun kalimat: puasa teh pikeun
Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” . maka bisa dicokot hiji
kacindekkan, yen puasa teh bisa nyalametkeun ka jalma nu ngalaksanakeunana tina
tingkah paripolah doraka, boh ucapan, patekadan oge kalakuan.
Kukituna dina raraga ieu pisan urang salaku jalma nu kagok borontok geus
ngaku iman oge ngaku islam, tur ngaku jadi umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Maka sawadina urang nancebkeun tekad, ngalempengkeun niat dimana tepung atawa
datang reujeung bulan romadhon pikeun ngalaksanakeun hiji kawajiban ibadah
nyaeta puasa, kalayan diniatan wungkul karana Allah swt. Sabab Kanjeng Nabi
saw. Ngadawuh:
”Sing saha jalmana nu puasa dina bulan Romadhon kalayan pinuh ku kaimanan
reujeung kaihklasan, maka bakal dihampura dosa-dosa (nu geus dilakukeun ku
manehna) samemehna”.
Dina hiji hikayat nu kacutat dina kitab Bahjatul Anwar diuningakeun, yen
hikmah diwajibkeunana puasa salila sabulan teh, nyaeta nalika Kanjeng Nabi Adam
as. ngarempak larangan Allah swt. Nyaeta tuang buah kholdi di sawerga., maka
buah eta melag dina tikorona Kanjeng Nabi Adam as. salila 30 poe. Maka nalika
Kanjeng Nabi Adam as. geus tobat, Allah swt ngawajibkeun ka anjeunna, pikeun
puasa 30 poe 30 peuting. Hal ieu teh di dadasaran kana pamadegan, yen satemenna
kanikmatan dunya teh aya opat: 1) dahar, 2) nginum, 3) jima’ jeung 4) sare. Ku
opat perkara eta nu jadi hahalang pikeun hiji hamba dina ngedeukeutkeun diri ka
Allah swt. Tapi pikeun Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Diwajibkeun puasa teh
ukur dina beurangna wungkul. Hal ieu teh mangrupaken hiji ka Maha Murah-an
Allah swt. pikeun
Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Anapon tujuan tina ibadah puasa nyaeta pikeun ngahontal darajat taqwa.
Lamun darajat taqwa geus ngacik ka hiji jalma, maka geu pasti hirupna bakal
ati-ati, pinuh ku kawaspadaan, tur teu ngagugu teuing kana hawa nafsu
syaithoniyah nu ngabalukarkeun cilakana diri. Ku kituna salah sahiji maksud
tina ibadah puasa nyaeta ngalawan/merangan hawa nafsu syaithoniyah, nu jadi
alat Syetan pikeun ngagoda manusa.
Ku jalan urang ngalaksanakeun puasa, maka hawa nafsu bisa dileler, bisa
dileumpeuhkeun, teu mahabu mangaruhan teuing kana tingkah paripolah urang nu
temahna matak cilaka oge patepung reujeung bebendon Gusti Allah swt.
Nu jadi permasalahan puasa nu kumaha nu bakal ngahontal kana
kautamaan-kautamaan bulan Romadhon teh ?. Tah palebah dieu, para ulama ngabagi
tilu tingkatan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaeta:
1. Puasana jalma awwam, nyaeta jalma nu ngajalankeun puasana teh ukur nahan
peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ nu
terkadang masih keneh ngagugu kana hawa nafsu, sabab puasa samodel kieumah ukur
mindahkeun barang dahar jeung nginum ti beurang ka peuting wungkul, sedengkeun
makna tina puasa teu karasa tegesna teu aya pangaruhna.
2. Puasana jalma nu Khowash (istimewa), nyaeta puasana para sholohin,
tegesna dina puasana lain ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung
nginum, jeung nahan hubungan jima’ wungkul, tapi nahan diri kalayan ngajaga
anggota badanna tina milampah dosa, teu ngagugu teuing kana hawa nafsu.
3. Puasana jalma nu Khowasil Khowas (kacida istimewana) nyaeta puasana para
Nabi jeung para Shiddiqiin, nu puasana lain ukur nahan peurihna beuteung tina
barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ wungkul, tapi nahan diri
kalayan ngajaga anggota badanna tina milampah dosa, teu ngagugu teuing kana
hawa nafsu. Tapi nahan hate jeung kahayang nu bisa ngarendahkeun diri
dipayuneun Allah swt. sacara gembleng/totalitas.
Mudah-mudahan urang kagolong jalma nu puasa nu bisa ngahontal kan
kautamaan-kautamaan bulan Romadhon. Oge bisa ngahontal Ridho Allah swt. Amin Ya
Allah ya Robbal ‘Alamin. Wallohu A’lam
Tidak ada komentar:
Posting Komentar