Jumat, 01 Mei 2020

Hari Perhitungan Yaumul Mizan (bahasa sunda)


Yaumul Mizan (Poé Timbangan/Balitungan)

Alloh swt. Ngadawuh: “Jaga dina poé kiyamat bakal didatangkeun (disanghareupkeun) ka hiji hamba ngeunaan amal kahadéan jeung amal kajahatan (dosa) maranéhna. Tuluy dibandingkeun (ditimbang) antara amal kahadéan jeung kajahatan éta. Lamun aya sésa hiji amal kahadéan, maka si éta hamba bakal diasupkeun kana jero sawarga”. (H.R. Imam Ath-Thobrony).

Hadits Qudsy di luhur ngajelaskeun, yén Alloh swt. maparin informasi ka urang, yén jaga dina poé kiyamah bakal diayakan panimbangan sagala amal nu disebut ‘Yaumul Mizan’. Sagala amal manusa ditimbang kalayan timbangan nu adil saadil-adilna, timbangan nu Maha agung, timbangan nu teu ponténg ka nu konéng teu cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na nilas sa-plas-na. Sahingga ku timbangan éta bakal katingali mana timbangan nu leuwih beurat, naha timbangan kahadéan atawa timbangan kajahatan (dosa). Bakal natrat rasa kabungah pikeun jalma nu timbanganana beurat kana kahadéan, sabab bakal meunang kabagjaan tur sawarga nu bakal jadi buruhna ogé bakal jadi tempat padumukan nu teu aya tungtungna. Sabalikna, bakal natrat kasedih, kaduhung pinuh kabingung, nyampakna rasa kasusah pikeun jalma nu timbanganana beurat kana kajahatan (dosa), sabab jelas lawang picilakaeun geus nyampak tur naraka jadi buruhna tempat padumukan pikeun manéhna.

Dina Hadits Qudsy di luhur, ngajelaskeun yén nalika lumangsungna panimbangan amal ieu, Alloh swt Nganiléi, ngayakeun pamariksaan sakabéh amalna hiji jalma, sabaraha amal kahadéan jeung sabaraha amal kajahatana si éta jalma. Nu satuluyna éta kajahatan bakal digugurkeun ku amal kahadéan, tinggal nu nyésa nu mana, naha amal kahadéan atawa amal kajahatan. Lamun nu nyésa amal kahadéan, maka bakal diasupkeun ka sawarga. Tegesna, yén kahadéan téh bakal ngaleburkeun, bakal ngaleungitkeun amal kajahatan (dosa). Lamun amal kahadéan éta aya sésana sanggeusna ngagugurkeun amal kajahatan (dosa), maka jalma nu mibanda amal éta diparéntahkeun ku Alloh pikeun asup ka sawarga. Sabalikna, lamun dosana jeung kahadéanana ditimbang tuluy nu nyésa amal kajahatanana maka ku Alloh diparéntahkeun ka si éta jalma pikeun asup kana naraka. Tah kumaha lamun saimbang ? hartina, sarua timbanganana antara amal kahadéan jeung amal kajahatanana ?. Maka, sapalih katerangan nyebatkeun, yén lamun saimbang antara timbangan kahadéan jeung kajahatan, maka ieu jalma bakaldigolongkeun kana ‘Ashabul ‘A’raf’ (golongan jalma-jalma nu ditunda pikeun asup kana sawarga dilelepkeun heula dina naraka pikeun ngabersihkeun heula dosa-dosana).

Dina raraga ieu pisan, urang kudu waspada, waspaos, kudu aya rasa kahariwang, kudu ngayakeun muhasabah (évaluasi) diri, ngitung-ngitung amal urang ti ayeuna kénéh. Inggis ku bisi rémpan ku kaayaan urang kagolong kana golongan jalma nu nalika ditimbang beuratna téh kana amal kajahatan (dosa). Na’udzu billahi min dzaalik.

Poé kiamat téh hiji kaayaan nu kacida rongkahna, kaasup kaayaan nu ngabentuk hiji siksaan pikeun jalma nu salilana ngalanggar, salilana nukang nonggong ka Alloh swt. tur ngalakukeun aniaya ka sasama. Tapi, kaasup hiji kaayaan nu ngabentuk kabungah pikeun jalma nu salilana milampah amal sholéh, rajin ogé taat ibadah ka Alloh swt. Tah, ngeunaan gambaran kaayan di padang mahsyar saba’dana ancurna alam dunya, aya katerangan ngajelaskeun, yén kantos aya shohabat naros ka Kanjeung Nabi saw. ngeunaan hal ieu, nyaéta nalika manusa ti mimiti umatna Kanjeng Nabi Adam as. Nepi ka Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. dikumpulkeun. Nya nu disebut ‘Yaumul Mahsyar’.
Kanjeng Nabi saw. Ngawaler ku Dawuhanana: “Poé éta téh nyaéta: hiji poé dimana jalma-jalma narangtung dipayuneun Robbul ‘Alamin salila satengah poé. Nu ukuran sapoé (dina poé harita) téh nyaéta lima puluh rébu taun (ukuran poé dunya). Tapi (Hal kitu téh) pikeun jalma nu Mu’min-mah bakal karasana sakeudeung, saperti jarak waktu isedna panon poé nepika surupna”. (H.R. Abu Ya’la & Ibnu Hibban nu sumberna ieu Hadits ti Abu Huraéroh r.a.).

Dina riwayat séjén dijelaskeun, yén aya shohabat nu nyarios: “Duh kacida teuing lamina geuningan kiamat téh”. Nguping aya shohabat nyarios kitu, Kanjeng Nabi saw. ngadawuh:

“Demi Alloh ! nu ngawasa kana diri kami, saéstuna (poé kiamat) kacida hampangna (sakeudeung karasana) pikeun jalma Mu’min, sahingga nu karasa ku manéhna bakal leuwih hampang (sakeudeung karasana) batan ngalaksanakeun sholat fardhu” (Al-Hadits).

Dina katerangan séjén disebatkeun deui, yén gambaran kaayaan manusa di alam mahsyar bakal ngalaman hiji kaayaan luyu reujeung amal laku lampah manéhna nalika hirup di alam dunya, aya nu tilelep, ka kérem, kakeueum ku késang sorangan nu ngaragajag ku akibat ka sorot ku panon poé nu jarakna ukur sa-mil atawa dua mil. Nu sa-mil-na ceuk ahlimah nyaéta: 1000 m. ceuk urang Walanda, 7.420 m ceuk urang Jérman, jeung 1.609 m ceuk urang Inggris. Lamun ukuran laut-mah sa-mil téh 6.076 kaki atawa sarua jeung 1.852 m. Béda jauh jeung kaayaan ayeuna di dunya nu jarak panon poé ka bumi téh ceuk ahlimah nyebutkeun 8 menit x 60 x 30.000 km/detik = 144.000.000. km.

Ku hal sakitu, Bisa ku urang kabayangkeun ti ayeuna kénéh, ayeuna baé keur di dunya karasa panasna sorotna panon poé téh sanajan jauh jarakna, komo jaga di yaumul kiyamah mung ukur jarakna sa-mil nepi ka 2 mil. Nu matak wajar, lamun loba jalma saur katerangan di luhur nu mandi dina lautan késang sorangan. Hal ieu téh luyu reujeung katerangan ti Hadits Rosululloh saw.:

“Nalika kaayaan poé kiamat lumangsung panon poé bakal di deukeutkeun ka hamba-hamba (manusa) nepi ka jarak deukeutna téh ukuran sa-mil atawa dua mil, tuluy maranéhna bakal kapanasan ku sorot panon poé éta, sahingga birijilna késang maranéhna diluyukeun reujeung amalan maranéhna (nalika hirup di alam dunya). Aya diantarana nu tilelep kakeueum ku késangna sorangan nepi ka tatapokan dampal suku, aya nu nepi ka cangkéngna, ogé aya nu kakeueum nepi ka saluhureun sungutna”.

Aya deui Dawuhan Rosululloh saw.:

“Jaga dina poé kiamat bakal aya jalma nu tilelep ka keueum ku késangna sorangan nepi ka sungutna, tuluy manéhna ngomong: Duh Gusti ! paparin abdi rahmat (kawelas asihan) Anjeun gusti, najan abdi dilebetkeun kana naraka”. (H.R. Ath-Thobrony nu nyumberna ieu Hadits ti Ibn Mas’ud ra).

Sareng Dawuhan Rosululloh saw. deui:

“Dina poé kiamat jalma-jalma bakal barijil késangna ngagarajag nepi ka jero taneuh sajero 70 Dziro’ (hasta) jeung bakal nguyumbang ngabanjiran nu ngalelepkeun maranéhna nepi ka ceuli maranéhna” (Al-Hadits).

Aya katerangan nu leuwih ngahariwangkeun urang, tur nu kudu jadi bahan tafakuran-eun. Dawuhan Kanjeng Nabi saw. Yén jaga dina ‘Yaumul Mizan’ (poé balitungan) téh bakal aya golongan jalma nu disebut ‘Muplis’ (bangkrut).

Nu kumaha nu ‘Muplis’ (bangkrut) téh ?. Rasululloh saw. ngadawuh:

“Jalma nu Muflis (bangkrut) diantara umat kami téh, nyaéta jalma nu datang dina poé kiamat mawa amal ibadahna, kayaning sholat, shaum jeung zakat. Tapi, salian éta manéhna mawa ogé dosa nu ditimbulkeun tina nyaci-maki, nyacampah, mitenah, ngadahar harta nu lain hakna, ngocorkeun geutih (maténi) jeung neunggeul batur tanpa sabab (tegesna, amal hadéna téh dicampur adukkeun jeung amal goréng, réd).(Tah, ku hal kitu), maka ganjaran amal hadé manéhna téh bakal dibérékeun ka jalma nu geus pernah di aniaya, dirugikeun jeung digunasika hakna ku manéhna, kitu saterusna. Lamun ganjaran amal hadéna geus béak, maka dosa jalma nu geus pernah di aniaya, dirugikeun jeung digunasika hakna ku manéhna, bakal dibérékeun ka manéhna, sahingga manéhna diasupkeun kana naraka nu satuluyna dilaksanakeun hukuman pikeun manéhna” (Al-Hadits).

Dumasar kana bahasan di luhur, nu matak mangpaurkeun, matak ngahariwangkeun ka urang. Maka, Kanjeng Nabi saw. maparin jalan kaluar pikeun urang sadayana, ku maparin katerangan, yén aya sababaraha amal nu bakal ngabeuratkeun timbangan kahadéan jaga dina poé kiamat. nalika urang ngadeg dipayuneun Robbul ‘Alamin pikeun ditimbang sagala amal laku lampah salila urang hirup kumelendang di alam dunya. Anapon amalan nu bakal ngabeuratkeun timbangan amal kahadéan jaga di akhérat téh, diantarana nyaéta Hadits nu sumpingna ti Abi Malik, Al -Harits bin ‘Ashim Al-Asy'ari ra., anjeunna nyarios:

“Parantos ngadawuh Rosululloh saw.: “Susuci éta saparo tina iman, (bacaan/ucapan) ‘Alhamdulillaah’ bakal minuhan timbangan di akhérat (Mizan), (bacaan/ucapan) ‘Subhaanallaah’ jeung ‘Al-Hamdulillaah’ duanana bakal minuhan ruang lolongkrang nu aya di antara langit jeung bumi. Sholat éta cahaya, Shodaqah éta nu bakal jadi bukti, sabar éta cahaya, jeung Al-Qur’an bakal nulungan (ngabélaan) ka maranéh ogé sabalikna bakal nyilakakeun maranéh. Satiap manusa milampah hiji pagawéan, maka manéhna geus ngajual dirina, nu pamustunganana éta pagawéan téh bisa nyalametkeun maranéhna ogé sabalikna bisa nyilakakeun maranéhna”. [H.R. Muslim no. 223]

Kaitanana sareng hadits di luhur, Syaikh Ibnu Al-Utsaimin ra. dina kitabna: ‘Syarhul Wasithiyyah’,. ngajelaskeun saéstuna Alloh swt. Ngajadikeun amal-amalan para hambana (manusa) kalayan ngabentuk hiji jasad. Hal ieu teu kudu ngajadikeun urang anéh jeung teu asup akal, mun seug dipulangkeun kana pamikiran, yén Alloh swt. Maha Kawasa. Kukituna ngeunaan amal-amalan manusa dibentuk jadi hiji jasad ogé nu satuluyna bakal ditimbang kalayan bentuk timbangan nu sifatna matéri (benda). ieu téh geus jadi kakawasaan Alloh swt. Tah, ngeunaan kalimat Al-hamdulillah jeung Subhanalloh nu digabungkeun téh bakal minuhan timbangan amal di akhérat (Mizan) jaga. Sabab, dua kalimat éta eusina ngeunaan nyucikeun urang ka Alloh swt. tina sagala bentuk kakurangan nu bakal ngarusak kana kasampurnaan Alloh swt. Jadi, Alloh Maha Suci, ogé nu Kagungan sagala pujian. Kukituna, wajar mun seug éta dua kalimat ku urang sering dijadikeun hiasan biwir dina dzikir ka Alloh swt. Maka, pahalana bakal minuhan ruang lolongkrang kosong antara bumi jeung langit tur bakal ngabeuratkeun kana timbangan di akhérat (Mizan).

Ngeunaan hal ieu, Imam Nawawi ra. dina kitabna ‘Syarah ‘Arba’in Nawawiyyah’, ngajelaskeun, yén katerangan dua kalimat, nyatana Subhanalloh Wal-Hamdulillah nu pahalana bakal minuhan ruang lolongkrang kosong antara bumi jeung langit tur bakal ngabeuratkeun kana timbangan di akhérat (Mizan) téh, teu luyu reujeung katerangan Hadits séjén, sabab aya deui Hadits nu nerangkeun ngeunaan kalimat nu pahalana sarua salian ti dua kalimat éta. Nyaéta Hadits nu diriwayatkeun ku Imam Hakim sareng Abu Ya’la, nu nyaritakeun Nabi Musa as. Kantos naroskeun ka Alloh swt. ngeunaan hiji amalan nu bisa ngasupkeun kana sawarga. Kukituna Alloh Ngadawuh:

“Héh Musa ! Lamun sakirana tujuh lapis langit jeung tujuh lapis bumi ditambah jeung eusina, disimpen dina hiji piring timbangan (mizan), jeung (kalimat) “Laa Ilaaha Illalloh” disimpen dina piring timbangan nu sabeulahna, maka kalimat tauhid éta bakal leuwih beurat batan langit jeung bumi katut saeusina”.
Sarta dawuhan Rosululloh saw. Nu sanésna: “Aya dua kalimat nu hampang (tur gampang diucapkeun) ku lisan, tapi beurat kana timbangan dina poé kiamat (mizan), tur bakal nimbulkeun kacinta Nu Maha Rohman (ka jalma nu ngucapkeunana), nyaéta kalimat: ‘Subhanalloohi Wa Bihamdihi Subhaanalloohil-‘Adziim’.(H.R. Al-Bukhory).

Sareng dawuhan Rosululloh saw.: “Saéstuna (ngaos) sholawat ka Kanjeng Nabi saw. Kaasup nu bakal ngabeuratkeun kana timbangan dina poé kiamat (mizan)”. (H.R. At-Tirmidzy).

Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma nu beurat timbanganana kana kahadéan jaga di ‘Yaumul Mizan’. Amin. 

Walloohu A’lam Bish-Showaab. (Al-Faqir, Muhamad Farhan Sahlani Kamil)


Senin, 13 April 2020

Wasiat Baginda Nabi Muhammad SAW (Bahasa Sunda)


Washiyat Kanjeng Nabi SAW (Wasiat Baginda Nabi Muhammad SAW Bahasa Sunda)

“Ti Abu Najih, Al ‘Irbad bin Sariyah ra. Anjeunna nyarios: “Rasulullah saw. Parantos maparin naséhat ka kami (para shahabat) kalayan hiji naséhat nu ngageterkeun haté tur nu ngalantarankeun nyurucudna cimata”. Kami (para shahabat) unjukan:,"Duh Rasulullah, naséhat nu (didugikeun ku salira téh) saolah-olah naséhat ti jalmi nu badé pamitan seja papisah salalawasna (Maot), ku kituna, mugia salira kersa maparin wasiyat ka abdi sadaya" Rasulullah saw. Ngadawuh: "Kami méré wasiat ka aranjeun sakabéh sangkan tetep aya dina kataqwaan ka Alloh nu Maha Agung tur Maha Mulia, ogé tetep ngadéngé jeung ta'at sanajan nu marentahkeun ka anjeun sakabéh saurang hamba sahaya (budak).Satemenna sing saha jalmana nu hirup diantara aranjeun saba’dana kami maot, maka manéhna bakal ningali lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan), maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu caréham. Jeung jauhan ku aranjeun kabéh hal-hal nu anyar (bid’ah) sabab, satemenna sakabéh perkara anyar (bid'ah) éta sasar." (HR. Abu Daud jeung At Tirmidzi, Hadits Hasan Shahih) [Abu Dawud no. 4607, Tirmidzi no. 2676]

Hadits di luhur ngandung sababaraha wasiyat diantara wasiyat-wasiyat Rasulullah saw. ka para shahabat khususna, umumna ka urang salaku umatna. Kacutat dina matan (eusining) hadits téh diantarana wasiyat taqwa, jeung nurut tumut ka para pamingpin islam. Nu tujuanana taya kajaba pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung akhérat. Nu eta kabeh téh bisa dihontal mun seug nyekel pageuh kana Sunnah-sunnah Rosulullah saw. jeung sunnah para khulafaur-Rasyidin ra. bari ngajauhan laku lampah bid’ah. Hikmah tina eusining hadits di luhur diantarana nyaéta ngeunaan wasiyat atawa naséhat Rasulullah saw. Nu ngeuna nu istilah di hadits di luhur ku kalimat مَوْعِظَةُ بَلِغَةٌ (Mau’idzotun Balighotun) “pitutur nu ngeuna”. Hartina, naséhat nu ngabekas atawa naséhat nu aya tapak dina haté ka nu ngadéngéna sahingga nimbulkeun hiji perubahan sikep. Malahan dina Hadits di luhur digambarkeun, yén para shahabat satutasna ngupingkeun naséhat atanapi wasiyat Kanjeng Nabi saw. dugi ka narangis, sahingga nu karaos ku para shahabat, yén wasiyat Kanjeng Nabi saw. téh lir ibarat jalmi nu badé ngantunkeun ieu alam dunya. Sahingga Rédaksi Hadits nu séjénmah disebatkeun, yén Rosululloh saw. ngadawuh: “Saéstuna ieu naséhat téh ti jalma nu bakal papisah salilana (maot)”. Teras para shahabat naros: “Naon atuh ya Rasulullah nu badé diwasiyatkeun ku salira ka abdi sadaya téh ?” Rasulullah saw. Ngadawuh :“Kami tinggalkeun aranjeun kabéh dina kaayaan caang, peutingna lir ibarat beurang, hamo aya nu nyimpang (mun seug aya nu nyimpang) maka manéhna bakal ancur binasa”.

Naséhat nyaéta maparin hiji wejangan nu eusina bisa hiji pépéling, bisa ogé hiji papatah atawa amanat lisan nu éta naséhat téh bener-bener kudu dilaksanakeun sabab mun teu dilaksanakeun bakal nimbulkeun akibat-akibat nu teu dipiharep. Tah naséhat Rasulullah saw. Dina Hadits di luhur ngandung hiji pépéling nu sifatna nyingsieunan (At-Takhwif) tapi nyingsieunan didieu ngandung maksud hiji pépéling supaya umatna henteu tigebrus kana kacilakaan nu fatal ku akibat teu ngalaksanakeun kana naon-naon nu diwasiyatkeun ku Rosulullah saw.

Wasiyat nu kahiji dina hadits di luhur téh, nyaéta Kanjeng Nabi saw. Maparin wasiyat Sangkan urang tetep aya dina kataqwaan أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّوَجَلَّ. Sagala ibadah nu disyaré’atkeun tujuanana taya kajaba supaya ngawujudna katakwaan dina jiwa katut raga pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Sahingga kataqwaan téh mangrupakeun hiji ukuran mulia jeung henteuna hiji manusa dipayuneun Allah swt. Kataqwaan ogé mangrupakeun bekel urang dina raraga nyiapkeun diri pikeun jaga ngeusian alam nu langgeng taya tungtungna. Sabab jalma nu taqwa hirupna bakal ati-ati pinuh kawaspadaan, teu sambarangan dina ngagarap hiji pagawéan, pinuh ku perhitungan kana kamaslahatan batan kamafsadatan dumasar kana hal éta, maka wungkul taqwa nu bakal jadi bekel nu panghadé-hadéna pikeun jaga urang mayunan Alloh swt. ogé pikeun jadi taméng nalika mayunan mahkamah Agung Allah swt. Nu satuluyna nu bakal jadi kaputusan meunang kabagjaan jeung henteuna dina ngeusian alam nu abadi, alam nu teu aya tungtungna nyatana akhérat.

Wasiat nu kadua, nyaéta ngeunaan kuduna merhatikeun ngadéngé bari nurut tur tumut kana sagala paréntah nu hadé nu bijilna ti pamingpin Islam. Pamingpin nu mingpin kaum muslimin tinangtu dina maréntah téh pasti ngandung kana kamaslahatan umat. Kukituna nurut tumut ka saurang pamingpin téh minangka kawajiban nu diwajibkeun ku Allah swt. Sakumaha Dawuhanana dina Al-Qur’an Surat An-Nisa’ [4] ayat 59:

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ أَطِيعُواْ اللّهَ وَأَطِيعُواْ الرَّسُولَ وَأُوْلِي الأَمْرِ مِنكُمْ
“Yeuh jalma-jalma nu ariman ! Geura tarumut maranéh ka Allah jeung ka Rasul, jeung ka nu nyekel kakawasaan diantara maranéh .......”(An-Nisa [4]:59)

Dina Hadits di luhur, Rasulullah saw. maparin hiji mitsil (perumpamaan), yén sanajan nu mingpin téh hiji hamba sahaya (budak beulian) ti nagri Habasyah tapi kudu diturut jeung digugu ogé didéngé kana sagala paréntahna. Para Ulama maparin tafsiran kana ieu rédaksi Hadits, yen sabenerna teu mungkin saurang hamba sahaya (budak beulian) jadi pamingpin. tapi maksud ieu rédaksi hadits téh nyaéta Nabi saw. Maparin hiji pépéling yén dimana kakawasaan atawa hiji perkara disérénkeun atawa dicekel ku nu lain ahlina, maka bakal tumuwuhna karusakan nu fatal. Tapi dimana hal ieu lumangsung, tegesna kakawasaan jeung sagala pekara dicekel atawa disérénkeun ka nu lain ahlina, maka sikep nu kudu jadi pamadegan nyaéta tetep urang nurut tumut ka maranéhna kalayan tujuan ngahindar tina karusakan nu leuwih rongkah, bisa jadi maranéhna téh cocoba ti Allah swt pikeun sakumna umat Islam nu dipingpin, sangkan umat islam tetep sabar ngarah teu timbul fitnah nu leuwih fatal kana sagala hal nu lumangsung nu sabenerna lain hak naranéhna dina nyekel urasan kieu téh.

Ngeunaan wasiyat nu katilu Rasulullah saw. maparin gambaran kaayaan umatna saba’da anjeunna pupus. Yén umatna téh bakal lumangsung lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan). Miturut Imam Ibnu Daqa’iq ra. Ieu téh mangrupakeun mu’jizat Kanjeng Nabi Muhammad saw. anjeunna tiasa maca kaayaan nu bakal datang, kaasup kana bakal lumangsungna ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan) diantara umatna saba’da anjeunna teu aya. Sabenerna Kanjeng Nabi saw. uninga nu sajéléntréna kajadian nu bakal lumangsung, tapi anjeunna ngahaja teu ngajelaskeun ka para shahabat. Anjeunna wungkul maparin gambaran kaayaan nu bakal lumangsung sacara umum. Tur maparin pépéling supaya para shahabat ogé umatna sangkan waspada mun seug kajadian ikhtilaf (persulayaan /béda pamadegan) téh karandapan. Hal ieu dumasar kana dawuhan anjeunna dina eusi hadits di luhur, anjeunna ngadawuh: “Maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu caréham”.
Sunnah nyaéta jalan nu kudu disorang, kukituna kecap sunnah ngabeungkeut kana lalampahan Rosulullah saw. jeung para shahabat-shahabatna nu diluluguan ku Khulafaur-Rasyidin (Abu Bakar Ash-Shidiq, Umar bin Khaththab, Utsman bin Affan jeung Ali bin Abi Thalib). Sabab makna sunnah miturut istilah, nyaéta jalan, cara atawa sistem nu dipikaresep tur digawéan dina agama sakumaha nu dicontokeun prak-prakkanana ku Rosulullah saw. boh dawuhanana, padamelanana ogé kapanujuan atawa katetepan anjeunna kana hal nu dilakukeun ku para shahabat.

Ku kituna hamo mang-mang hamo ragu dina raraga nyekel bener-bener nu pageuh kana sunnah sunnah Nabi saw. jeung Sunnah Khulafaur-Rasyidin ra. bakal kahontalna kabagjaan jeung kasalamétan, terutama nalika lumangsungna ikhtilaf (persulayaan /béda pamadegan). Hartina, nalika lumangsungna kajadian (persulayaan /béda pamadegan) maka sikep urang nu paling hadé, nyaéta mulangkeun sagalana kana naon-naon nu kacutat dina Al-Qur’an jeung Sunnah Rasululllah saw. ogé sunah para shahabat.

Washiyat nu kaopat nyaéta ngeunaan sangkan urang ngajauhan laku lampah bid’ah. Ari harti, makna jeung katerangan ngeunaan bid’ah miturut bahasa nyaaéta hiji perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh teu aya samemehna, tegesna perkara nu anyar diayakeun. Sedengkeun bid’ah miturut istilah nyaéta naon-naon nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé nyulayaan kana dalil khusus jeung dalil umum.

Ngeunaan perkara bid’ah aya Hadits Nabi saw. : “Sing saha jalmana nu ngaya-ngaya perkara dina urusan kami (agama), jeung perkara nu lain bagian tina éta perkara (agama), maka sagala nu dilakukan téh katolak (teu ditarima)”.

Para Ulama béda pamadegan dina nafsirkeun bid’ah, aya sabagian Ulama ngajelaskeun yén sagala bid’ah téh sasar. Tegesna rék kumaha baé bentukna sagala perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé nyulayaan kana dalil umum jeung dalil khusus, tegesna teu aya dasar pisan dina agama, maka éta téh kaasup sasar. Hal ieu nyekel kana dawuhan Kanjeng Nabi saw.: “Sakabéh bidah téh éta sasar”.

Aya deui sabagéan Ulama nu boga pamadegan teu sakabéh bid’ah éta sasar, pamadegan aranjeunna téh di dadasaran ku tingkah para shahabat, saperti Sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra. ngumpulkeun Al-Qur’an sahingga jadi hiji mushaf, merangan jalma-jalma islam nu teu ngaluarkeun zakat.

Tuluy Sayyidina Umar bin Khaththab ra. Nalika ngumpulkeun manusa (umat Islam) dina shalat wengi bulan Ramadhan (shalat tarawih) kalayan berjama’ah, sahingga cariosan anjeunna ngajadikeun dasar yén bid’ah téh teu sakabéh sasar, nyaéta cariosan: “Sahadé-sahadé bid’ah nya ieu (shalat tarawih berjama’ah)” . sahingga nalika Ubay bin Ka’ab ra. Nyarios ka Umar bin Khaththab ra.: “Wahai Amiril Mu’minin ! saéstuna ieu perkara (shalat tarawih berjama’ah) téh teuaya (di zaman Nabi)”. Umar bin Khaththab ra ngawaler: “ Kami apal, tapi hal ieu téh hadé”. Dumasar kana hal éta pisan, sabagian Ulama ngabagi bid’ah kana dua bentuk bagian, nyaéta bid’ah Hasanah (hadé) jeung bid’ah sayyi’ah (goréng/sasar).

Saperti halna Imam Asy-Syafi’I ra. Nu ngabagi bid’ah kana dua bentuk. Miturut anjeunna yén nalika bid’ah téh nyimpang tina Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka hal ieu téh kaasup bid’ah nu sasar. Tapi lamun perkara bid’ah éta tina perkara-perkara nu hadé nu teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka éta bid’ah téh kaasup bid’ah hasanah (hadé). Sabab, loba perkara nu kaasup bid’ah nu teu di ragukeun deui yén éta téh bid’ah hasanah (hadé).

Tah dumasar kana pamadegan Imam syafi’i ra. di luhur, maka ngayakeun acara Maulid Nabi saw., Isra’ Mi’raj, Miéling taun anyar Islam jeung perayaan-perayaan poé nu ngandung sajarah dina islam séjénna, kaasup kana bid’ah hasanah (hade), teu kagolong kana bid’ah nu sasar. Sabab, dijerona dieusi ku syi’ar islam jeung da’wah Islamiyah. Sedengkeun Syiar jeung Da’wah Islamiyah eta teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama.

Wallohu A’lam Bish-Showaab
(M. Farhan Sahlani Kamil)

keutamaan puasa dan keutamaan bulan ramadhan (Bahasa Sunda)


Kautamaan Puasa Jeung Bulan Romadhon (keutamaan puasa dan keutamaan belan ramadhan Bahasa Sunda) Marhaban Yaa Ramadhan Marhaban Yaa Syahru Syiam'

“Yeuh jalma-jalma anu ariman ! ka maraneh geus diwajibkeun puasa cara anu geus diwajibkeun ka jalma-jalma anu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu taraqwa, (nyaeta) sabaraha poe anu geus ditangtukeun; tapi sing saha tiantara maraneh anu gering atawa keur aya di panyabaan, (maka) wajib (pikeun maranehna) nyumponan puasa sababaraha poe (anu geus ditinggalkeunana) dina poe sejenna; jeung pikeun jalma-jalma anu kuat puasa tapi kalawan ripuh, (lamun henteu puasa maka) diwajibkeun (ka manehna pikeun) mayar fidyah, nyaeta mere dahar hiji jalma miskin (saban poena), tapi sing saha anu rek mere leuwih ti sakitumah (kaasup sunah), tanwande eta kahadean teh pikeun dirina. Jeung ari puasa teh leuwih hade pikeun maraneh, upama maraneh nyarahomah. (Nyaeta) sabulan Romadhon anu dina eta bulan teh (munggaran) diturunkeunana Al-Qur’an, anu jadi pituduh pikeun manusa jeung jadi pituduh jalan (oge) anu ngabedakeun (antara anu haq jeung anu batal). Ku sabab eta, sing saha ti antara maraneh anu ningali bulan, (maka) prak geura puasa, tapi sing saha anu gering atawa anu keur aya di panyabaan, (maka) wajib (pikeun manehna) nyumponan puasa sababaraha poe (anu ditinggalkeunana) dina poe sejenna, sabab Allah seja ngentengkeun maraneh jeung moal ngabeungbeuratan. Jeung maraneh kudu nyampurnakeun bilanganana, sarta kudu ngagungkeun Allah, nurutkrun pituduh Anjeun-Na ka maraneh, jeung sangkan maraneh muji syukur ka Anjeun-Na” (Al-Baqarah: 183 -185)

Puasa (Shaum) miturut bahasa mibanda harti “Nahan tina sagala perkara” saperti dahar, nginum, nahan hawa nafsu, nahan omongan nu taya manfa’atna jeung sajabana eta.

Sedengkeun muturut Syar’i-mah puasa teh nyaeta “Nahan diri tina sagala perkara (dahar, nginum, nahan hawa nafsu, nahan omongan nu taya manfa’atna jeung sajabana eta.) jeung nu ngabatalkeunana, salila sapoe ti mimiti bijilna fajar nepi ka surufna panon poe, kalayan niat jeung sababaraha katangtuan syarat nu kudu dicumponan”

Romadhon teh kaasup bulan nu dimulyakeun ku Alloh swt. Sabab dina bulan ieu ditetepkeun hiji kawajiban nu kudu dilaksanakeun ku Umat Islam nyaeta puasa. Kautamaan bulan Romadhon geus diuningakeun ku mangpirang-pirang ayat Al-Qur’an, Hadits oge ‘Atsar para Shohabat ra. Diantawisna nu dicutat dina kitab Zubdatul Wa’idin, aya katerangan Hadits Nabi Muhammad saw. Nu ngauningakeun ngeunaan kautamaan bulan Romadhon:

”Ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios: Kami Ngadenge Rasulullah saw. Ngadawuh: Lamun sakirana umat Kami apal (nyaho) kana naon-naon (kautamaan) di jero bulan Romadhon, maka (pasti) maranehna bakal mikaharep sangkan (bulan-bulan) nu aya dina satahun teh kebah jadi bulan Romadhon, sabab sagala kahadean ngumpul dina bulan Romadhon, kata’atan bakal ditarima, sagala do’a diqobul (diijabah), jeung sawerga mikasono ka maranehna (jalma nu paruasa dina bulan Romadhon).

Malihan dina katerangan nu sanes diuningakeun, yen Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh:

”Nalika dina awal peuting bulan Romadhon, Allah swt. Ngadawuh: ”Sing saha jalma ni mikacinta ka Kami (Allah) maka kami bakal mikacinta ka manehna, sing saha jalma nu neangan (ngadeukeutkeun diri ka) Kami (Allah) maka kami bakal neangan (ngadeukeutan ka) manehna, sing saha nu menta hampura Kami, maka Kami bakal ngahampura manehna. Ieu kabeh teh sabab ku kamulyaan bulan Romadhon”. Tuluy Allah swt marentahkeun ka Malaikat Kirooman Kaatibiin (nu tugasna nyatetan amal manusa) sangkan di bulan Romadhon maranehna (Malaikat Kirooman Kaatibiin) wungkul nyatet sagala kahadean, jeung ulah nyatet amal kagorengan, jeung Alloh ngagugurkeun dosa- dosa (manusa nu puasa dina bulan romadhon) nu geus kalewat”.

Kautamaan sanesna Rasulullah saw. Ngauningakeun ku dawuhanana:

”Umat kami geus dipaparinan lima perkara (ku Allah swt.) nu can pernah dipaparinkeun ka umat samemehna, nyaeta:1) nalika awal peuting dina bulan Romadhon, maka Allah swt ningali ka maranehna (umat kami) kalayan pinuh ku rasa heman, jeung sing saha jalma nu ditingali ku Allah swt. kalayan pinuh ku kaheman, maka hamo disiksa salilana; 2) Allah swt. marentahkeun ka para malaikat supaya mentakeun hampura ka maranehna (umat kami); 3) bau bahamna jalma nu puasa mungguh Allah swt. Leuwih seungit batan minyak misik; 4) Allah swt ngadawuh ka Sawerga: ”papaes diri anjeun (heh sawerga kami) !”, oge Allah swt ngadawuh: ”untung pikeun hamba-hamba Kami nu ariman, maranehna jadi kakasih Kami”, jeung 5) Allah swt maparin hampura ka maranehna (umat kami) sakabehna”

Urang tos pada uninga, yen puasa teh salah sahiji ibadah nu teu bisa diukur sacara lahiriyah, tapi diukurna sacara bathiniyah. Ku kituna, wungkul Allah swt. nu nganilei oge nu ngukur kana ieu ibadah. Sabab, puasa teh hiji tingkah ibadah nu ngahubungkeun hiji hamba ka Pangeranna nyatana Alloh swt. Ku sabab kitu pisan, puasa teh hiji ibadah jeung kataatan nu wungkul Allah swt nyalira ku anjeun nu ngukur, nganilei oge ngawalesna. Sakumaha dawuhana dina Hadits Qudsy:

”Tiap-tiap kahadean nu dipilampah ku anak adam, maka ganjaranana dilipetgandakeun tina sapuluh nepi ka tujuh ratus kali lipet, kajaba puasa, sabab puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna”.

Kalimat: ”maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” ngandung maksud, yen tiap-tiap kataatan/ibadah ganjaranana surga, tapi ngeunaan ganjaran puasa mah nyaeta patepung sareng Manten-Na Dzat Allah Nu Maha Agung. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi saw.:

”Dua kabungah/kabagjaan nu bakal kahontal pikeun jalma nu puasa, nu kahiji nyaeta kabungah/kabagjaan nalika buka puasa jeung nu kadua kabungah/kabagjaan nalika patepung reujeung Pangeran-na (Allah swt.)”.

Patepung didieu, sapalih katerangan nyebatkeun: ”Kami ningali manehna, manehna ningali ka Kami, Kami Nyarita ka manehna, manehna nyarita ka Kami, tanpa aya palantara”” tegesna ”Adu hareupan”.

Para ulama maparin tafsiran kana kalimat (puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna).Sapalih ulama aya nu nafsirkeun, yen dina puasa hamo kaeunteupan riya’ teu jiga ibadah-ibadah sejenna, sabab puasa ibadah bathiniyah nu ngamuara kana


Niat nu nyangkaruk dina hate, nu hamo bisa ditembongkeun ka nu lian.            

Aya deu sapalih ulama nafsirkeun, yen nu dimaksud puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” teh nyaeta nu apal kana kadar ukuran ganjaran ibadah puasa anging Allah swt. Sedengkeun ibadah-ibadah nu sejenna mah ayakalana bis diukur ku jalma nu ngalaksanakeunana, boh ngaliwatan katerangan jeung katangtuan syar’i, oge bisa diuku ku pribadina ngaliwatan hikmah saba’dana ngalaksanakeun eta ibadah

Tina sadaya pamadegan para Ulama dina nganafsikeun kalimat: puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” . maka bisa dicokot hiji kacindekkan, yen puasa teh bisa nyalametkeun ka jalma nu ngalaksanakeunana tina tingkah paripolah doraka, boh ucapan, patekadan oge kalakuan.

Kukituna dina raraga ieu pisan urang salaku jalma nu kagok borontok geus ngaku iman oge ngaku islam, tur ngaku jadi umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Maka sawadina urang nancebkeun tekad, ngalempengkeun niat dimana tepung atawa datang reujeung bulan romadhon pikeun ngalaksanakeun hiji kawajiban ibadah nyaeta puasa, kalayan diniatan wungkul karana Allah swt. Sabab Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh:

”Sing saha jalmana nu puasa dina bulan Romadhon kalayan pinuh ku kaimanan reujeung kaihklasan, maka bakal dihampura dosa-dosa (nu geus dilakukeun ku manehna) samemehna”.
Dina hiji hikayat nu kacutat dina kitab Bahjatul Anwar diuningakeun, yen hikmah diwajibkeunana puasa salila sabulan teh, nyaeta nalika Kanjeng Nabi Adam as. ngarempak larangan Allah swt. Nyaeta tuang buah kholdi di sawerga., maka buah eta melag dina tikorona Kanjeng Nabi Adam as. salila 30 poe. Maka nalika Kanjeng Nabi Adam as. geus tobat, Allah swt ngawajibkeun ka anjeunna, pikeun puasa 30 poe 30 peuting. Hal ieu teh di dadasaran kana pamadegan, yen satemenna kanikmatan dunya teh aya opat: 1) dahar, 2) nginum, 3) jima’ jeung 4) sare. Ku opat perkara eta nu jadi hahalang pikeun hiji hamba dina ngedeukeutkeun diri ka Allah swt. Tapi pikeun Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Diwajibkeun puasa teh ukur dina beurangna wungkul. Hal ieu teh mangrupaken hiji ka Maha Murah-an Allah swt. pikeun
Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw.

Anapon tujuan tina ibadah puasa nyaeta pikeun ngahontal darajat taqwa. Lamun darajat taqwa geus ngacik ka hiji jalma, maka geu pasti hirupna bakal ati-ati, pinuh ku kawaspadaan, tur teu ngagugu teuing kana hawa nafsu syaithoniyah nu ngabalukarkeun cilakana diri. Ku kituna salah sahiji maksud tina ibadah puasa nyaeta ngalawan/merangan hawa nafsu syaithoniyah, nu jadi alat Syetan pikeun ngagoda manusa.

Ku jalan urang ngalaksanakeun puasa, maka hawa nafsu bisa dileler, bisa dileumpeuhkeun, teu mahabu mangaruhan teuing kana tingkah paripolah urang nu temahna matak cilaka oge patepung reujeung bebendon Gusti Allah swt.

Nu jadi permasalahan puasa nu kumaha nu bakal ngahontal kana kautamaan-kautamaan bulan Romadhon teh ?. Tah palebah dieu, para ulama ngabagi tilu tingkatan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaeta:
1. Puasana jalma awwam, nyaeta jalma nu ngajalankeun puasana teh ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ nu terkadang masih keneh ngagugu kana hawa nafsu, sabab puasa samodel kieumah ukur mindahkeun barang dahar jeung nginum ti beurang ka peuting wungkul, sedengkeun makna tina puasa teu karasa tegesna teu aya pangaruhna.

2. Puasana jalma nu Khowash (istimewa), nyaeta puasana para sholohin, tegesna dina puasana lain ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ wungkul, tapi nahan diri kalayan ngajaga anggota badanna tina milampah dosa, teu ngagugu teuing kana hawa nafsu.

3. Puasana jalma nu Khowasil Khowas (kacida istimewana) nyaeta puasana para Nabi jeung para Shiddiqiin, nu puasana lain ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ wungkul, tapi nahan diri kalayan ngajaga anggota badanna tina milampah dosa, teu ngagugu teuing kana hawa nafsu. Tapi nahan hate jeung kahayang nu bisa ngarendahkeun diri dipayuneun Allah swt. sacara gembleng/totalitas.

Mudah-mudahan urang kagolong jalma nu puasa nu bisa ngahontal kan kautamaan-kautamaan bulan Romadhon. Oge bisa ngahontal Ridho Allah swt. Amin Ya Allah ya Robbal ‘Alamin. Wallohu A’lam

(M. Farhan Sahlani Kamil)