Washiyat Kanjeng Nabi SAW (Wasiat Baginda Nabi Muhammad SAW Bahasa Sunda)
“Ti Abu Najih, Al ‘Irbad bin Sariyah ra. Anjeunna nyarios: “Rasulullah saw.
Parantos maparin naséhat ka kami (para shahabat) kalayan hiji naséhat nu
ngageterkeun haté tur nu ngalantarankeun nyurucudna cimata”. Kami (para
shahabat) unjukan:,"Duh Rasulullah, naséhat nu (didugikeun ku salira téh)
saolah-olah naséhat ti jalmi nu badé pamitan seja papisah salalawasna (Maot),
ku kituna, mugia salira kersa maparin wasiyat ka abdi sadaya" Rasulullah
saw. Ngadawuh: "Kami méré wasiat ka aranjeun sakabéh sangkan tetep aya
dina kataqwaan ka Alloh nu Maha Agung tur Maha Mulia, ogé tetep ngadéngé jeung
ta'at sanajan nu marentahkeun ka anjeun sakabéh saurang hamba sahaya
(budak).Satemenna sing saha jalmana nu hirup diantara aranjeun saba’dana kami
maot, maka manéhna bakal ningali lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan),
maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah
Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana
(sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu
caréham. Jeung jauhan ku aranjeun kabéh hal-hal nu anyar (bid’ah) sabab,
satemenna sakabéh perkara anyar (bid'ah) éta sasar." (HR. Abu Daud jeung
At Tirmidzi, Hadits Hasan Shahih) [Abu Dawud no. 4607, Tirmidzi no. 2676]
Hadits di luhur ngandung sababaraha wasiyat diantara wasiyat-wasiyat
Rasulullah saw. ka para shahabat khususna, umumna ka urang salaku umatna.
Kacutat dina matan (eusining) hadits téh diantarana wasiyat taqwa, jeung nurut
tumut ka para pamingpin islam. Nu tujuanana taya kajaba pikeun ngahontal
kabagjaan dunya jeung akhérat. Nu eta kabeh téh bisa dihontal mun seug nyekel
pageuh kana Sunnah-sunnah Rosulullah saw. jeung sunnah para khulafaur-Rasyidin
ra. bari ngajauhan laku lampah bid’ah. Hikmah tina eusining hadits di luhur
diantarana nyaéta ngeunaan wasiyat atawa naséhat Rasulullah saw. Nu ngeuna nu
istilah di hadits di luhur ku kalimat مَوْعِظَةُ بَلِغَةٌ (Mau’idzotun
Balighotun) “pitutur nu ngeuna”. Hartina, naséhat nu ngabekas atawa naséhat nu
aya tapak dina haté ka nu ngadéngéna sahingga nimbulkeun hiji perubahan sikep.
Malahan dina Hadits di luhur digambarkeun, yén para shahabat satutasna
ngupingkeun naséhat atanapi wasiyat Kanjeng Nabi saw. dugi ka narangis,
sahingga nu karaos ku para shahabat, yén wasiyat Kanjeng Nabi saw. téh lir
ibarat jalmi nu badé ngantunkeun ieu alam dunya. Sahingga Rédaksi Hadits nu
séjénmah disebatkeun, yén Rosululloh saw. ngadawuh: “Saéstuna ieu naséhat téh
ti jalma nu bakal papisah salilana (maot)”. Teras para shahabat naros: “Naon
atuh ya Rasulullah nu badé diwasiyatkeun ku salira ka abdi sadaya téh ?”
Rasulullah saw. Ngadawuh :“Kami tinggalkeun aranjeun kabéh dina kaayaan caang,
peutingna lir ibarat beurang, hamo aya nu nyimpang (mun seug aya nu nyimpang)
maka manéhna bakal ancur binasa”.
Naséhat nyaéta maparin hiji wejangan nu eusina bisa hiji pépéling, bisa ogé
hiji papatah atawa amanat lisan nu éta naséhat téh bener-bener kudu
dilaksanakeun sabab mun teu dilaksanakeun bakal nimbulkeun akibat-akibat nu teu
dipiharep. Tah naséhat Rasulullah saw. Dina Hadits di luhur ngandung hiji
pépéling nu sifatna nyingsieunan (At-Takhwif) tapi nyingsieunan didieu ngandung
maksud hiji pépéling supaya umatna henteu tigebrus kana kacilakaan nu fatal ku
akibat teu ngalaksanakeun kana naon-naon nu diwasiyatkeun ku Rosulullah saw.
Wasiyat nu kahiji dina hadits di luhur téh, nyaéta Kanjeng Nabi saw.
Maparin wasiyat Sangkan urang tetep aya dina kataqwaan أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ
عَزَّوَجَلَّ.
Sagala ibadah nu disyaré’atkeun tujuanana taya kajaba supaya ngawujudna
katakwaan dina jiwa katut raga pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Sahingga
kataqwaan téh mangrupakeun hiji ukuran mulia jeung henteuna hiji manusa
dipayuneun Allah swt. Kataqwaan ogé mangrupakeun bekel urang dina raraga
nyiapkeun diri pikeun jaga ngeusian alam nu langgeng taya tungtungna. Sabab
jalma nu taqwa hirupna bakal ati-ati pinuh kawaspadaan, teu sambarangan dina
ngagarap hiji pagawéan, pinuh ku perhitungan kana kamaslahatan batan
kamafsadatan dumasar kana hal éta, maka wungkul taqwa nu bakal jadi bekel nu
panghadé-hadéna pikeun jaga urang mayunan Alloh swt. ogé pikeun jadi taméng
nalika mayunan mahkamah Agung Allah swt. Nu satuluyna nu bakal jadi kaputusan
meunang kabagjaan jeung henteuna dina ngeusian alam nu abadi, alam nu teu aya
tungtungna nyatana akhérat.
Wasiat nu kadua, nyaéta ngeunaan kuduna merhatikeun ngadéngé bari nurut tur
tumut kana sagala paréntah nu hadé nu bijilna ti pamingpin Islam. Pamingpin nu
mingpin kaum muslimin tinangtu dina maréntah téh pasti ngandung kana
kamaslahatan umat. Kukituna nurut tumut ka saurang pamingpin téh minangka
kawajiban nu diwajibkeun ku Allah swt. Sakumaha Dawuhanana dina Al-Qur’an Surat
An-Nisa’ [4] ayat 59:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ أَطِيعُواْ اللّهَ
وَأَطِيعُواْ الرَّسُولَ وَأُوْلِي الأَمْرِ مِنكُمْ
“Yeuh jalma-jalma nu ariman ! Geura tarumut maranéh ka Allah jeung ka
Rasul, jeung ka nu nyekel kakawasaan diantara maranéh .......”(An-Nisa [4]:59)
Dina Hadits di luhur, Rasulullah saw. maparin hiji mitsil (perumpamaan),
yén sanajan nu mingpin téh hiji hamba sahaya (budak beulian) ti nagri Habasyah
tapi kudu diturut jeung digugu ogé didéngé kana sagala paréntahna. Para Ulama
maparin tafsiran kana ieu rédaksi Hadits, yen sabenerna teu mungkin saurang
hamba sahaya (budak beulian) jadi pamingpin. tapi maksud ieu rédaksi hadits téh
nyaéta Nabi saw. Maparin hiji pépéling yén dimana kakawasaan atawa hiji perkara
disérénkeun atawa dicekel ku nu lain ahlina, maka bakal tumuwuhna karusakan nu
fatal. Tapi dimana hal ieu lumangsung, tegesna kakawasaan jeung sagala pekara
dicekel atawa disérénkeun ka nu lain ahlina, maka sikep nu kudu jadi pamadegan
nyaéta tetep urang nurut tumut ka maranéhna kalayan tujuan ngahindar tina
karusakan nu leuwih rongkah, bisa jadi maranéhna téh cocoba ti Allah swt pikeun
sakumna umat Islam nu dipingpin, sangkan umat islam tetep sabar ngarah teu
timbul fitnah nu leuwih fatal kana sagala hal nu lumangsung nu sabenerna lain
hak naranéhna dina nyekel urasan kieu téh.
Ngeunaan wasiyat nu katilu Rasulullah saw. maparin gambaran kaayaan umatna
saba’da anjeunna pupus. Yén umatna téh bakal lumangsung lobana ikhtilaf
(persulayaan/béda pamadegan). Miturut Imam Ibnu Daqa’iq ra. Ieu téh
mangrupakeun mu’jizat Kanjeng Nabi Muhammad saw. anjeunna tiasa maca kaayaan nu
bakal datang, kaasup kana bakal lumangsungna ikhtilaf (persulayaan/béda
pamadegan) diantara umatna saba’da anjeunna teu aya. Sabenerna Kanjeng Nabi
saw. uninga nu sajéléntréna kajadian nu bakal lumangsung, tapi anjeunna ngahaja
teu ngajelaskeun ka para shahabat. Anjeunna wungkul maparin gambaran kaayaan nu
bakal lumangsung sacara umum. Tur maparin pépéling supaya para shahabat ogé
umatna sangkan waspada mun seug kajadian ikhtilaf (persulayaan /béda pamadegan)
téh karandapan. Hal ieu dumasar kana dawuhan anjeunna dina eusi hadits di luhur,
anjeunna ngadawuh: “Maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami
jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan
kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat
ku huntu caréham”.
Sunnah nyaéta jalan nu kudu disorang, kukituna kecap sunnah ngabeungkeut
kana lalampahan Rosulullah saw. jeung para shahabat-shahabatna nu diluluguan ku
Khulafaur-Rasyidin (Abu Bakar Ash-Shidiq, Umar bin Khaththab, Utsman bin Affan
jeung Ali bin Abi Thalib). Sabab makna sunnah miturut istilah, nyaéta jalan,
cara atawa sistem nu dipikaresep tur digawéan dina agama sakumaha nu
dicontokeun prak-prakkanana ku Rosulullah saw. boh dawuhanana, padamelanana ogé
kapanujuan atawa katetepan anjeunna kana hal nu dilakukeun ku para shahabat.
Ku kituna hamo mang-mang hamo ragu dina raraga nyekel bener-bener nu pageuh
kana sunnah sunnah Nabi saw. jeung Sunnah Khulafaur-Rasyidin ra. bakal
kahontalna kabagjaan jeung kasalamétan, terutama nalika lumangsungna ikhtilaf
(persulayaan /béda pamadegan). Hartina, nalika lumangsungna kajadian
(persulayaan /béda pamadegan) maka sikep urang nu paling hadé, nyaéta
mulangkeun sagalana kana naon-naon nu kacutat dina Al-Qur’an jeung Sunnah
Rasululllah saw. ogé sunah para shahabat.
Washiyat nu kaopat nyaéta ngeunaan sangkan urang ngajauhan laku lampah
bid’ah. Ari harti, makna jeung katerangan ngeunaan bid’ah miturut bahasa
nyaaéta hiji perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh teu aya samemehna,
tegesna perkara nu anyar diayakeun. Sedengkeun bid’ah miturut istilah nyaéta
naon-naon nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé
nyulayaan kana dalil khusus jeung dalil umum.
Ngeunaan perkara bid’ah aya Hadits Nabi saw. : “Sing saha jalmana nu
ngaya-ngaya perkara dina urusan kami (agama), jeung perkara nu lain bagian tina
éta perkara (agama), maka sagala nu dilakukan téh katolak (teu ditarima)”.
Para Ulama béda pamadegan dina nafsirkeun bid’ah, aya sabagian Ulama
ngajelaskeun yén sagala bid’ah téh sasar. Tegesna rék kumaha baé bentukna
sagala perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at
agama ogé nyulayaan kana dalil umum jeung dalil khusus, tegesna teu aya dasar
pisan dina agama, maka éta téh kaasup sasar. Hal ieu nyekel kana dawuhan
Kanjeng Nabi saw.: “Sakabéh bidah téh éta sasar”.
Aya deui sabagéan Ulama nu boga pamadegan teu sakabéh bid’ah éta sasar,
pamadegan aranjeunna téh di dadasaran ku tingkah para shahabat, saperti
Sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra. ngumpulkeun Al-Qur’an sahingga jadi hiji
mushaf, merangan jalma-jalma islam nu teu ngaluarkeun zakat.
Tuluy Sayyidina Umar bin Khaththab ra. Nalika ngumpulkeun manusa (umat
Islam) dina shalat wengi bulan Ramadhan (shalat tarawih) kalayan berjama’ah,
sahingga cariosan anjeunna ngajadikeun dasar yén bid’ah téh teu sakabéh sasar,
nyaéta cariosan: “Sahadé-sahadé bid’ah nya ieu (shalat tarawih berjama’ah)” .
sahingga nalika Ubay bin Ka’ab ra. Nyarios ka Umar bin Khaththab ra.: “Wahai
Amiril Mu’minin ! saéstuna ieu perkara (shalat tarawih berjama’ah) téh teuaya
(di zaman Nabi)”. Umar bin Khaththab ra ngawaler: “ Kami apal, tapi hal ieu téh
hadé”. Dumasar kana hal éta pisan, sabagian Ulama ngabagi bid’ah kana dua
bentuk bagian, nyaéta bid’ah Hasanah (hadé) jeung bid’ah sayyi’ah
(goréng/sasar).
Saperti halna Imam Asy-Syafi’I ra. Nu ngabagi bid’ah kana dua bentuk.
Miturut anjeunna yén nalika bid’ah téh nyimpang tina Al-Qur’an, Sunnah Nabi
saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka
hal ieu téh kaasup bid’ah nu sasar. Tapi lamun perkara bid’ah éta tina
perkara-perkara nu hadé nu teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung
atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka éta
bid’ah téh kaasup bid’ah hasanah (hadé). Sabab, loba perkara nu kaasup bid’ah
nu teu di ragukeun deui yén éta téh bid’ah hasanah (hadé).
Tah dumasar kana pamadegan Imam syafi’i ra. di luhur, maka ngayakeun acara
Maulid Nabi saw., Isra’ Mi’raj, Miéling taun anyar Islam jeung
perayaan-perayaan poé nu ngandung sajarah dina islam séjénna, kaasup kana
bid’ah hasanah (hade), teu kagolong kana bid’ah nu sasar. Sabab, dijerona
dieusi ku syi’ar islam jeung da’wah Islamiyah. Sedengkeun Syiar jeung Da’wah
Islamiyah eta teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para
shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama.
Wallohu A’lam Bish-Showaab
(M. Farhan Sahlani Kamil)